Artikel Bahasa Sunda Tentang Kasenian - GUGUMMAULANA.COM

CONTOH ARTIKEL BAHASA SUNDA 

GUGUMMAULANA.COM ~ Dibawah ini merupakan contoh beberapa artikel bahasa sunda untuk anda : 


Artikel Bahasa Sunda tentang Kuda Lumping

image by wikipedia


Pengertian Kuda Lumping , Apa itu Kuda Lumping? Kuda Lumping dan pengertiannya

Kuda Lumping nya éta kasenian wangun ibing anu dipaénkeun ku saurang maké kukudaan minangka média. Iwal ti éta ibing kuda lumping biasana sok aya atraksi anu bahaya saperti ngadahar beling, jukut, mesek kalapa maké huntu, jsb. Ieu hal nu ngajadikeun kuda lumping sok dipatalikeun keun hal-hal anu magis, saméméh minton pamaén kudu ngayakeun ritual pikeun kasalametan. Masarakat mikawanoh kasenian kuda lumping minangka kasenian anu magis lantaran dina ritual pamaén jiga nu diasupan roh sangkan bisa ngadahar beling atawa nu séjénna, katambah ku gamelan jawa anu marengan nambah suasana magis dina pintonnana.


Cenah, ibing Kuda Lumping mangrupa wangun apresiasi sarta pangrojong rahayat cacah ka pasukan kuda Pangeran Diponegoro dina nyanghareupan pangjajah Walanda. Aya ogé vérsi anu nyebutkeun, yén ibing Kuda Lumping ngagambarkeun carita perjuangan Raden Pites, anu dibantuan ku Sunan Kalijaga, ngalawan pangjajah Walanda. Vérsi séjén nyebutkeun yén, ibing ieu mengisahkan ngeunaan latihan perang pasukan Mataram anu dipingpin Sultan Hamengku Buwono I, Raja Mataram, pikeun nyanghareupan pasukan Walanda.Kiwari kuda lumping dijadikeun kasenian pikeun hiburan, teu jarang kuda lumping anu teu ngasupkeun unsur magisna tapi leuwih kana ibing katut gerakanna. 

BACA JUGA : CONTOH 1 ARTIKEL BASA SUNDA

Artikel bahasa sundatentang Calung



Calung by Wikipedia

Pengertian Calung , Apa itu Calung? 

GUGUMMAULANA.COM ~ Calung nyaéta pakakas musik Sunda anu mangrupa prototipe (purwarupa) tina angklung. Béda jeung angklung, cara maénkeun calung mah ku cara nakol (wilahan, bilah) awi anu disusun nurutkeun titi laras (tangga nada) pentatonik (da-mi-na-ti-la). Jenis awi pikeun nyieun calung lolobana tina awi wulung (awi hideung), tapi aya ogé anu dijieun tina awi temen (awi pulas bodas). Sajaba dihartikeun salaku pakakas musik, calung ogé jadi istilah sebutan pikeun seni pintonan. Aya dua wangun calung Sunda anu dipikawanoh, nyaéta calung rantay sarta calung jingjing.

BACA JUGA : PENGERTIAN PUPUH
Jenis calung anu ayeuna mekar sarta dipikawanoh sacara umum nyaéta calung jingjing. Calung jingjing nyaéta jenis pakakas musik anu geus lila dipikawanoh ku urang Sunda, contona di wewengkon Sindang Heula - Brebes, Jawa tengah, sarta bisa jadi mangrupa kamekaran tina wangun calung rantay.
BACA JUGA : CONTOH KARYA TULIS ILMIAH KIMIA
Di Jawa Barat, wangun kasenian ieu dirintis popularitasnya nalika para mahasiswa Universitas Padjadjaran (UNPAD) anu kagabung dina Departemen Kesenian Déwan Mahasiswa (Lembaga kesenian UNPAD) mekarkeun wangun calung ieu ngaliwatan kreativitasnya dina taun 1961. Numutkeun salah saurang panaratasna, Ekik Barkah, yén dijieunna calung jinjing katut pintonanana kailhaman ku wangun kaulinan dina pintonan réog anu ngadumaniskeun unsur nakol, unggut sarta lagu dina hiji pintonan.
BACA JUGA : CARA DAPAT PULSA GRATIS
Saterusna dina taun 1963 wangun kaulinan sarta tatabeuhan calung leuwih dimekarkeun deui ku parakanca ti Studiklub Teater Bandung (STB; Koswara Sumaamijaya dkk), sarta antara taun 1964 - 1965 calung leuwih dimasyarakatkeun deui ku parakanca di UNPAD minangka seni pintonan anu boga sipat hiburan sarta informasi (penyuluhan (Oman Suparman, Ia Ruchiyat, Eppi K.,Enip Sukanda, Edi, Zahir, saparakanca), sarta grup calung SMAN 4 Bandung (Abdurohman dkk).

Saterusna muncul grup-grup calung di Bandung, contona Layung Sari, Ria Buana, Glamor (1970) jrrd, nepi ka danget ayeuna, muncul ngaran-ngaran idola pamaén calung diantarana Tajudin,Nirwan, Odo, Uko Hendarto, Adang Cengos, jeung Hendarso. Kamekaran kasenian calung kacida onjoyna di Jawa Barat. Ieu hal téh ngabalukarkeun ditambahanana sawatara pakakas musik dina calung, contona kosrék, kacapi, piul (biola), komo kiwari mah aya anu dilengkepan keyboard jeung gitar. Unsur vokal pohara dominan dina calung, ku kituna réa muncul vokalis calung kawéntar, kawas Adang Céngos, sarta Hendarso.

Artikel Bahasa Sunda tentang Angklung

Pengertian Angklung , apa itu Angklung? Apa saja jenis jenis 

Angklung

Angklung by wikipedia

GUGUMMAULANA.COM ~ Angklung nyaéta alat musik tradisional Sunda nu dijieun tina awi, dimaénkeun ku cara dieundeukkeun (awak buku awina neunggar sarigsig) sahingga ngahasilkeun sora nu ngageter dina susunan nada 2, 3, nepi ka 4 dina unggal ukuranana, boh nu badag atawa nu leutik. Laras (nada) nu dipaké angklung tradisional Sunda biasana saléndro jeung pelog.

Sajarah Calung dan Angklung

Dina kasenian Sunda, nu migunakeun alat musik tina awi di antarana angklung jeung calung. Anapon awi nu sok dipaké nyieun ieu alat musik biasana tina awi wulung (awi nu kelirna hideung) jeung awi temen (kelir bodas). Sada nu kaluar tina angklung jeung calung asalna sarua, nyaéta tina solobong awi nu ngelentrung lamun ditabeuh (diadu).
Angklung geus dipikawanoh ku masarakat Sunda ti jaman karajaan Sunda, di antarana pikeun ngagedurkeun sumanget dina pangperangan. Fungsi angklung pikeun ngahudang sumanget ieu jadi sabab dicaramna ieu kasenian ku pamaréntah jajahan Hindia Walanda.
Kasenian angklung kiwari leuwih mekar deui, ku ayana unsur ibing luyu jeung kapentinganana, misalna dina upacara ngarak paré kana leuit (ngampih paré, nginebkeun) jeung dina mangsa mitembeyan melak paré (ngaseuk). Pon kitu deui dina mangsa panén jeung sérén taun, nu ilaharna aya acara arak-arakan nu kadang dibarengan ogé ku réngkong jeung dongdang.

Rupa-rupa angklung , Angklung dan jenis-jenisnya


Angklung Kanékés

Di wewengkon Kanékés, angklung utamana dipaké patali jeung upacara-upacara tatanén, lalin keur hiburan. Angklung dipaké nalika melak paré di huma jeung ngubaran paré (tilu bulan sanggeus dipelak). Sanggeus dipaké, angklung disimpen dina upacara musungkeun angklung.

Pikeun tujuan hiburan, angklung ilaharna dipidangkeun nalika caang bulan jeung teu hujan. Ieu hiburan téh digelar di buruan bari nembang, di antarana Lutung KasarungYandu BibiYandu Sala,Ceuk ArileuOray-orayanDengdangYari GandangOyong-oyong BangkongBadan KulaKokoloyoranAyun-ayunanPileuleuyanGandrung MangguRujak GadungMulungMuncangGiler,NgaranggeongAceuknaMarengoSalak SadapurRangda NgendongCelementreKeupat ReundangPapacangan, jeung Culadi Dengdang.

Angklung Dogdog Lojor

Kasenian dogdog lojor ayana di masarakat Kasepuhan Pancer Pangawinan atawa masarakat adat Banten Kidul nu sumebar di sabudeureun Gunung Halimun. Najan kasenian ieu ngaranna dogdog lojor, luyu jeung salasahiji alat musikna, ieu kasenian dilengkepan ogé ku angklung, sabab patali jeung upacara adat paré. Unggal geus panén, masarakat ngayakeun acara Sérén Taun di puseur kampung adat (imah kokolot) anu biasana pindah-pindah luyu jeung paréntah tina wangsit.
Tradisi ngamulyakeun paré di ieu masarakat masih terus lumangsung, kusabab masarakatna masih pengkuh kana adat baheula. Dumasar pitutur turun-tumurun, ieu masarakat adat ngaku salaku turunan para prajurit karaton Pajajaran barisan Pangawinan (prajurit nu marawa tumbak). Najan kitu, masarakat kasepuhan ieu geus lila ngagem Islam sarta narima kana modérenisasi. Luyu jeung kamekaran ieu, dogdog lojor ogé kadang sok midang dina acara nyunatan, ngawinkeun, sarta karaméan lianna.
Kasenian dogdog lojor dimaénkeun ku genep urang nu nyepeng alat musikna séwang-séwangan, nyaéta dua dogdog lojor jeung opat angklung gedé, nu masing-masing boga ngaran: gonggong, panémbal, kingking, jeung inclok (noron ti nu pangbadagna).
Lagu-lagu dogdog lojor di antarana Balé AgungSamping HideungOléng-oléng PapanganténSi Tunggul KawungAdulilang, jeung Adu-aduan.
Upami di Sukabumi kasohorna Dogdog loyor pangrojong dina acara panen.

Angklung Gubrag

Angklung gubrag ayana di kampung Cipining, kecamatan Cigudeg, Bogor. Ieu angklung umurna geus kolot, dipaké dina upacara melak, ngunjal, jeung ngadiukkeun paré ka leuit. Dumasar carita turun-tumurun, ieu angklung téh mimiti aya dina hiji mangsa paceklik.

Badéng

Badéng téh mangrupakeun kasenian nu asalna ti Sanding, Malangbong, Garut. Bentuk kasenian angklung ieu dipaké pikeun kapentingan da'wah Islam, kira abad ka-16 atawa 17. Harita, Arpaén jeung Nursaen (dua warga Sanding), diajar Islam ka Demak. Samulangna ti Demak, aranjeunna nyumebarkeun ajaran Islam ka masarakat Sanding hususna migunakeun kasenian badéng.

Angklung nu dipaké dina pintonan badéng aya salapan: angklung roél dua, angklung kecer hiji, angklung indung jeung bapa opat, jeung dua angklung anak anu dibarengan ku dogdog dua, terebang atawa gembyung dua, jeung kecrék hiji. Rumpaka tembangna maké basa Sunda nu euyeub ku istilah basa Arab, nu kadieunakeun ogé ditambah ku basa Indonésia. Eusi rumpakana taya lian ti ajén -inajén Islam jeung pitutur. Pidangan ieu kasenian kadang ogé dibarengan ku debus nu mintonkeun élmu-élmu kawedukan.



: artikel bahasa sunda , artikel kasenian sunda , conto artikel sunda , Artikel tentang kasenian , contoh artikel bahasa sunda , artikel berbahasa sunda , conto artikel , artikel sunda tentang kesenian , artikel kesenia sunda , conto artikel sunda , artikel bahasa sunda dan contohnya

Previous
Next Post »

BOOKING SEKARANG JUGA !!!