Pengertian Pupuh

Pengertian
Guru wilangan: aturan jumlah larik dan jumlah suku kata, guru lagu; aturan rima akhir, serta watak tujuh belas Pupuh Sunda yang meliputi Kinanti, Sinom, Asmarandana, Dangdanggula, Balakbak, Durma, Gambuh, Gurisa, Jurudemung, Ladrang, Lambang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, dan Wirangrong beserta contoh dan lagunya.
Pupuh téh mangrupa ugeran (puisi) anu kauger ku guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaéta patokan jumlah padalisan (jajaran) dina unggal pada (gundukan) sarta lobana engang (suku kata/vokal) dina unggal padalisan. Guru lagu nyaéta patokan sora vokal dina tungtung unggal padalisan atawa “dang-ding-dung”-na sora vokal dina engang panungtung.
Pupuh Sunda kabéhna aya tujuh belas (17). Aya nu kaasup sekar ageung (wanda laguna rupa-rupa) nyaéta Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula (KSAD), jeung sekar alit (wanda laguna ngan sarupa) nyaéta Balakbak, Durma, Gambuh, Gurisa, Jurudemung, Ladrang, Lambang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, jeung Wirangrong. Unggal Pupuh miboga ugeran guru wilangan jeung guru lagu sarta watek séwang-séwangan.

BACA JUGA : MAKALAH CELEMPUNGAN

Anapon karangan pondok dina wangun ugeran anu dianggit maké patokan Pupuh disebutna téh Guguritan atawa Dangding. Kecap ‘gurit’ asalna tina basa Sangsakerta, ‘grath’, anu hartina nyusun karangan. Kecap ‘ngagurit’ miboga harti anu sarua jeung ‘ngadangding’, nyaéta nuduhkerun kana pagawéan ngaréka atawa nyusun karangan winangun Dangding atawa Pupuh.

BACA JUGA : KARYA TULIS ILMIAH KIMIA


Previous
Next Post »

BOOKING SEKARANG JUGA !!!